Lirik Lagu Subang Tandang

Genah betah jeung sungkan mulang
Hate geus kapincut ku kota subang
Tuh beulah kidul mayakpak di kebon enteh
Tuh beulah kaler mayakpak di kebon karet

Rangga wulung tempat latihan pramuka
Aeh … ciater pani’isan balarea

Sungkan mulang paturay kedah pa anggang
Hate geus kabandang ku kota subang
Duh nagri subur rahayatna oge ma’mur
Duh nagri sugih rahayat taya nu sedih

Urang rojong urang dorong
Kota subang mugia tandang
Yu.. ronjatkeun gotong royong

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

0 komentar:

Posting Komentar

Free Foot Cursors at www.totallyfreecursors.com